Nyorangan
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Asa geus rintih. Sada saha?
Ngan sada suku luméngkah
: Asa geus rintih. Sada saha?
Ngan sada suku luméngkah
Lieuk deui, nu dilieuk geuning euweuh
Sedeng méga beuki hideung
Ningker beuheung
Sedeng méga beuki hideung
Ningker beuheung
Daun eurih tingarulang
Ngagerihan dampal angin
: Saha nu rintih? Sada saha?
Ngan sada suku lumampah
Ngagerihan dampal angin
: Saha nu rintih? Sada saha?
Ngan sada suku lumampah
2013
Garung Dungus
Bubulak geus burak-barik
Jungjunan! Geus dibuburak
Sada akar, sada urat
Sada duriat nu pegat
Jungjunan! Geus dibuburak
Sada akar, sada urat
Sada duriat nu pegat
Jeung angin-angin nu kingkin
Bras ka Pasir Ipis
Jeung implengan saliwatan
Ras ka pager betis
Bras ka Pasir Ipis
Jeung implengan saliwatan
Ras ka pager betis
Leuweung nu kamari luwang-liwung
Jungjunan! Geus ngalungkawing
Beuki lewang, beuki lamping
Beuki rumpil keur nu ngeumbing
Jungjunan! Geus ngalungkawing
Beuki lewang, beuki lamping
Beuki rumpil keur nu ngeumbing
Jikan Uing Ngan Hiji (barakatak sunda)
Héy, daréngékeun yeuh uing deuk nanya. Maranéh palercaya henteu, euy, mun uing balaka, yén jikan uing téh ngan hiji? Heueuh, jikan uingah mémang ngan hiji-hijina deuleu. Si Tina, apal meureun. Manéh, Sadun, percaya teu? Heueuh, nuhun atuh ari percaya mah. Ari silaing, Komar, kumaha? Sarua? Heueuh pék, nuhun euy. Juhé, naha silaing mah bangun asa-asa kitu rék engab téh, euy? Cangcaya kana omongan déwék? Heug, kajeun, da ukur silaing sorangan nu sok béda waé téh. Nu séjénna kumaha? Palercaya teu? Sing teges ngajarawabna, tong asa-asa! Muhun, kituh! Taaah, kitu. Nuhun atuh ari palercaya mah. Keun si Juhé mah sina sosoranganan. Teu ngaruh ieuh keur uingah.
Tapi, uing ayeuna geus cunduk kana waktuna yeuh, pikeun ngajéntrékeun kanyataan nu sabenerna ka maranéh sakabéh. Perkara maranéh sok gancang palercaya waé kana sagala omongan uing, heueuh pan ceuk uing gé tadi: nuhun. Katarimakeun pisan! Tapi, omat tong patingrarénjag mun uing rék balaka, yén alusna mah tong palercaya kana “pengakuan” uing tadi téh, euy. Suér! Sakali deui, tong palercaya! Juhé, justeru kacangcaya silaing tah nu bener mah. Da judul carita nu ditulis ku uing di luhur gé ngabohong sabenerna mah. Uingah éstu jalma jujur, Baraya! Malah aya émbohna: soléh, gandang, tur rajin menabung.
Heueuh, sabenerna mah uing téh geus lila nyandung. Jikan uing kabéhna aya opat. Pan nyunah Rosul téa, euy, nyunah! Ngan, maranéh pasti moal percaya, mun ngaran opatanana téh sarua: Tina! (Nu matak pan tadi gé uing sempet ngabohong, yén jikan uingah ngan hiji, nu ngaranna Tina téa, héhé….). Nya tangtu ngaran lengkepna mah béda-béda atuh euy. Jikan nu kahiji ngaran lengkepna téh Tina Mélinda. Nu kadua Tina Gantina. Atuh nu katilu Tina Sri Wulandari. Tah nu pangngorana mah Tina Kushérawati.
Tah, euy, jikan uingah éstu saratia-tuhu pisan ka sakadang uing téh. Perelu bukti? Geura urang gentraan, “Mamah Tina….”
“Kaaah….!” Tuh, kadéngé pan, sakitu rampak ngawalonna gé? Tempo tuh opatanana meni gasik carengkat nyalampeurkeun ka uing nu keur péwé nyanghunjar lambar na sofa. Kabéh mani paheula-heula naralék:
“Palay dipeuseulan, Pah?” Tina kahiji ngarancét punduk. Leuh, éta atuda, bet dibarung ku ngagésék-gésékkeun gunung sakembaranana sagala kana tukangeun sakadang mastaka uing nu rada butak.
“Susu atuh nya, Pah?” ceuk Tina kadua bari rada ngagibegkeun hariguna meueusan. Tapi ari balukarna mah lain meumeueusan tatéh. Da éta wé ieu imah gedong sigrong nu sakieu wewegna, tempat dumuk uing jeung para praméswari téh, mani ngarieg jiga keur kaendagkeun ku lindu. Tong dicaturkeun ari jajantung uingah. Éstu dulugdugdag-dulugdugdag jiga rék nyanghareupan lebaran isuk. Héhé… bubuhan ukuran 36D téa atuh.
“Atawa surabi?” Tina katilu embung éléh. Laju, nompokeun biwirna kana ceuli uing, ngaharéwos geugeut, “Biasa, surabi tutung téa ning, Pah. Kasedep Papah.”
Anapon Tina kaopat, kalahka imut kareueut. Panonna rada dipeureumkeun lalaunan, ceuleuyeu, sedengkeun biwirna nu amucuy waé téh laju engab meueusan. Éstu nangtang téh lain bobohongan ieu mah. Cacakan mun keur paduduan di jero kamar mah, moal talangké deui baris digabrug ku uingah da. Ari leungeunna, sakumaha biasa. Geus ilahar si Démplon mah sok lalaunan ngopépang, rumpu-rampa kana… pésak uing! Pokna téh semu haroshos, “Pah, artos balanja tos séép….***
Kénging Basyar Isya
Kanggo Parawargi anu ngamumule basa sunda....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar